Saptu kamari kuring isuk-isuk
teuing deui waé datang ka Palasari. Atuh ngadodoho di tukang ketoprak nu
dagangna urang Jawa sabari nungguan unggal jongko muka ngagelar bukuna. Tapi éta
ketoprak ngeunah pisan make endog dadar, sanajan nungguan lila sabab kudu
ngantri aya sababaraha jelema. Aya meureun kanu satengah jam. Kuring sabat di
Jakarta dahar ketoprak téh jeung babaturan ngaranna si Acong, jigana leuwih
ngeunah ieu tinimbang harita.
Hareupeun jongko katingali loba
mobil aralus parkir sisieun jalan. Kuring saacanna nanya ka tukang ketoprak ari
ieu naha loba mobil aralus. Cék tukang ketoprakna kusabab aya nasi padang cenah
di jero. Ah kuring teu yakin, soalna asa euweuh nasi padang di jero mah.
Nanging aya hiji mobil anu karék eureun, ku kuring ngahaja diperhatikeun. Nu
bogana kaluar mawa sababaraha beundeul buku, leumpang nepungan tukang ngabungkusan
buku ku palastik. Nya éta wé meureun jelema-jelema beunghar anu ngaradon kurang
leuwih sarua. Malahmah sabat kuring nyobaa ngobrol jeung tukang bukuna, yen aya
waé anu anu ngajual sabagasieun mobil. Biasana anu pindahan kaluar kota. Aya ogé
kasusna anu ngajual buku ku alesan barudakna teu raresep maca buku, padahal
bapakna téh penulis ogé. Teu lila ti kitu, tukang bukuna nunjukkeun buku
ensiklopédia nu ditulis ku anu ngajual buku kadinya.
Sanggeus réngsé ti tukang
ketoprak, kuring meuntas ngamimitian moro buku ti unggal jongko anu muka.
Kuring karék leuleumpangan ogé geus langsung ditawaran, asa meuli baju di pasar
Tanjungsari – baheula keur leutik mimilu indung.
“nyari buku apa?”
Kuring tara nangap lamun geus
kitu, api-api teu ngadangu sabari panon mah ningal sasadiaan bukuna. Tapi da
balageur tukang dagangna, osok ngijinan jang kuring ningalian heula, malihan
osok dititah kajero. Sasakali mah osok aya nu nanya mahasiswa mana. Nya waleran
kuring sanés mahasiswa, kadieu sotéh meuli buku jang ngoléksi di imah.
Kuring manggihan jongko anu nyondong
buku-buku baheula. Taun 2020 kuring kadieu meuli buku anu bahasa Walanda, nepi
ka ayeuna eusina teu ngarti. Ngan pédah étamah kuring téh kataji ku sampulna
anu klasik.
Ti mimiti kuring niatan kadinya
ngan moro buku nu sakapanggihna waé. Teu diniatan arék meuli buku naon-naonna.
Ti jongko éta kuring manggih buku judulna Jejak
Langkah Urang Sunda 70 Tahun Ajip Rosidi. Kuring kataji ogé, nananyakeun
kanu boga jongko aya deui teu buku Ajip Rosidi salian ti éta? Kusabab teu aya,
kuring mimiti néangan kanu jongko lain. Sihoréng téh aya anu méré judulna Aku Ini Binatang Jalang, atuh étamah
Chairil Anwar cék kuring téh. Teu lila aya nu ngageroan ti jongko sabeulah,
cenah anu judulna naon. Bébas waé cek kuring téh.
Anjeunna indit, teu lila balik
deui mawa sababaraha beundeul buku nu patula-patalina jeung Ajip Rosidi.
Geuningan seeur. Sabat milihan, kuring rada ngahuleng, anjeunna téh urang sunda
tapi kuring sorangan salaku urang sunda teu apal kanu karya-karyana. Salami
ieu, kuring langkung kataji ku sastra-sastra anu dongkapna ti Éropah, hususna
Perancis jeung Amérika. Teu jarang kuring bangga lamun ngutip-ngutip maké
bahasa Inggris atawa Perancis – anu kuring sorangan teu ngarti – ngan supaya
katingali intelék. Ti harita, kuring lamun ngangken jadi urang sunda téh asa isin.
Naha isin? Nya éta ku Ajip Rosidi.
Ahirna kuring meuli dua rupa
judul, Mencari Sosok Manusia Sunda
jeung Tapak Meri. Anu Kadua ieu yeuh
rada resep jigana, lantaran ieumah catetan harian Ajip Rosidi di taun 1995 make
basa Sunda. Tina judulna waé ogé saderhana, Tapak Meri.
Tuluy sanggeus kitu, tukang
dagangna nyangki kuring téh Mahasiswa,
“da biasanamah Ajip Rosidi
dipilarian ku Mahasiswa UPI anu jurusan Basa Sunda.”
“Ah sanes,” cék kuring teh kanggo
koléksi wé di bumi.
Saleresna kuring kantos ngadangu
Ajip Rosidi téh ti Bang Anton anu gaduh perpustakaan Batoe Api di Jatinangor.
Harita kuring masih kuliah seméster hiji, osok ulin-ulinan kadinya. Bang Anton téh
kungsi nanya kira-kira kieu:
“Sebutkan sumbangsih yang
diberikan kampus (saya) buat negeri ini?”
Atuh kuring ditanya kitu téh hulang-huleng. Anjeunna osok nawisan buku Ajip Rosidi, tapi nyaéta kuring langkung kataji ku Albert Camus jeung réngréngan. Nya ti saptu kamari kuring téh asa diémutan jeung rada ngarti naha Bang Anton bet nanya kitu. Yén sabat maca Panganteur salahsahiji bukuna, Ajip Rosidi loba pangaruhna kanu ngeunaan bahasa Indonesia, sastra Sunda jeung Indonesia jeung sajabana. Padahalmah cenah anjeunna SMP ogé teu tamat nanging tiasa jadi dosén di Jepang. Jigana kontribusi Ajip Rosidi moal bisa kahontal ku lulusan-lulusan S1 angkatan kampus kuring sanajan dihijikeun di wisuda kuring taun 2021. Meureun langkung ti éta..